Oleh :
FIKI PRIYATNA
FIKI PRIYATNA
Alkisah
Desa Darma awalna lain mangrupa desa, tapi jaman baheula mah ngan sakedar hiji
tempat anu dijadikeun pos pertahanan karajaan islam Cirebon pikeun nyerang jeung tempat
pertahanan ngalawan Karajaan Galuh Talaga sareung Karajaan Galuh Ciamis.
Dina
peperangan antara Karajaan Islam Cirebon sareung KarajaanGaluh Talaga geus
sababaraha kali,dina salila 5 tahun aya 15 kali patempuran. Diperkirakeun mulai
tahun 1528 M. dina paperangan anu mungkasan Desa Darma dijadikeun pos pertahan
terahir, eta sakabeh kakuatan Kerajaan Islam saperti Karajaan Islam ti Sumatra,
Malaka, Banten Demak ku Karajaan Islam Cirebon dikerahkeun pikeun nyerang
Karajaan Galuh Talaga jeung Karajaan Galuh Ciamis.
Di
perbatasan Karajaan Galuh Talaga jeung Karajaan Islam Cirebon serangan pasukan
Prabu Jaya ti pihak Karajaan Galuh Talaga dihadang ku pasukan Adipati Kuningan
Suraga Jaya, Suraga Jaya nyaeta putra Ki Gedeng Luragung (Jaya Raksa) anak angkat Arya Kamuning (Barata Wijaya) anu ditugaskeun ku Karajaan Islam Cirebon pikeun
ngalindungi pesantren-pesantren annu aya di perbatasan Karajaan Galuh Talaga
jeung Karajaan Islam Cirebon ya’ni Daerah Darma.
Dina
paperangan terahir tahun 1692 M, pasukan Putra Sri Baduga Maha Raja (Haji Abdullah Iman) jeung pasukan Putra
Prabu Ningrat Kancana (Prabu Jaya
Diningrat). Anu dipingpin ku Haji Abdullah Iman jeung Fadillah Khan sarta
dibantu ku Karajaan Islam laena, termasuk wadya balad ti pos pertahanan Desa
Darma milu dikerahkeun pikeun nyerang karajaan Galuh Talaga, anu waktu eta pos
partahanan Desa Darma dipingpin ku saurang
ulama ti Malaka nyaeta Syeh Datuk Kaliputah (Embah Damar Wulan), beliau salah saurang Syeh utusan Karajaan Islam
Cirebon.
Dina hiji
poe Embah Damar Wulan kadatangan hiji utusan ti akarajaan Islam Cirebon Nyaeta
Syeh Haji Rama Irengan anu mawa kabar “Bejakeun
ka Syeh Kaliputah, bahwa Karajaan Islam Cirebon
dina waktu ieu meunang ancaman ti Karajaan Galuh Talaga jeung Karajaan Galuh
Ciamis”.
Saentos eta
beja anu disampekeun ku Syeh Haji Rama
Irengan ditarima ku Embah Damar Wulan (Syeh
Datuk Kaliputah). Syeh Datuk Kaliputah langsung nyiapkeun pasukan ti pos
pertahanan Desa Darma pikeun nyerang Karajaan Galuh Talaga, anu dipingpin ku
Syeh Habibullah (Embah Sapu Jagat)
jeung pasukan anu lainna :
1.
Embah Buyut Rangga Jaya (Putra Ki Gedeng Luragung),
2.
Embah Buyut Rangga Wisesa,
3.
Embah Buyut Rangga Wisempak (Jaka Supetek),
4.
Embah Buyut Sudamelawi.
Saparantos
paperangan anu berlangsung dimeunangkeun ku pihak Karajaan Islam Cirebon,
Kalima tokoh eta teu balik deui ka Darma, aya anu netep di Gunung Puncak (Gunung ciremai) di daerah Situ Sanghiang, tapi aya saurang
anu balik deui ka Darma nyaeta Syeh Habibullah (Embah Sapu Jagat)m, Embah Sapu Jagat cicing di daerah Luhung sampe
wafat jeung di makamkeun di kampung Gunung Luhung. Ngaran kampong Gunung Luhung
di candak tina hiji karomah anu digaduhan ku Embah Sapu Jagat, kulantaran
kapinteranana (Luhung = Pinter / sakti ).
Naming bilih dianggap sombong, sahingga Gunung Luhung digentos jadi Gunung
Luhur sampe ayeuna.
Diparkirakeun
mulai tahun 1732 M, Darma tos mulai dicicingan ku masyarakat anu nyandak budaya
jeung pangaruh Karajaan Galuh Talaga anu naganut Agama Hindu. Dibuktikeun ku
ayana sisa-sisa paninggalan sajarah rek mangrupikeun caritam saperti carita
Lutung Kasarung anu tempatna di sakuliat Daerah Karangsari jeung Gunung Sirah,
atanapi paninggalan anu mangrupi sisa-sisa hasil bangunan, jeung candi anu
ayeuna di timukeun di daerah Sagarahiang.
Daerah
Darma mangrupa salah sahiji daerah atanapi hiji tempat anu aya di sabelah kidul
Gunung Gede (Ciremai), anu muboga
kondisi alam anu lega jeung alus, pagunungan ngahejo lembok, hamparan pasawahan
anu cukup luas, panon cai ngalir sakitu bersihna / jernihna, walungan anu
ngalieatan satiap kampong, jalan ngajeupat ti wetan ka kulon ngabeulah Waduk
Darma mangrupakeun salah sahiji daya tarik anu luar biasa, sahingga dina waktu
singkat jadi pusat kagiatan masarakat anu cukup maju.
Saparantos
patempuran Karajaan Islam Cirebon jeung Karajaan Galuh Talga tos rengse, Syeh
Haji Rama Irengan diteumpatkeun ku Syeh Datuk Kaliputah (Embah Damar Wulan) di salah sahiji anu aya di tengah Balong Karamat
Darmaloka, terus Syeh Haji Rama Irengan ngadirikeun pasantren anu dibantu ku
para Syeh laina pikeun nyebarkeun agama Islam. Lila beuki lila Desa Darma beuki
loba pandudukna, sahingga Syeh Datuk
Kaliputah (Embah Damar Wulan),
sareung :
1.
Eyang haderudin (Asalna ti Banten)
2.
Embah Satori (Embah Dalem Cageur)
3.
Embah Gede (Embah Katipan)
4.
Embah Depok
5.
Embah Jangka
6.
Embah Braja Barong
7.
Embah Raden Bagus
8.
Embah Marmagati
9.
Embah Sapu Jagat (Syeh Habibullah)
10.
Syeh Karibullah
11.
Syeh Ahmad Aruman (Rama Kopeng)
12.
Syeh Drajat
13.
Syeh Ibrahim
14.
Syeh Ahmad bin Huas
Mulai
ngarintis Desa Darma jadi pusat kagiatan para Wali / Syeh, sehingga heunteu
saeutik para ulama daratang, jeung konon dating hiji ambia ti Indramayu manehna
ngaramalkeun bahwa Desa Darma engke erek kadatangan saurang Kiai ti arah timur
laut yen Kiai eta erek ngamakmurkeun Agama Islam di Desa Darma. Sateuacan balik
ka Indramayu, Aulia eta mere ngaran Desa “Darma” (kecap “Darma” asalna tina singkatan “ Darul Ma’i ”, anu artina Nagara /
tempatna Cai, meureun pedah Desa Darma subur ku Panon Cai.
Terus
sapaninggal Ambia eta Syeh Datuk Kali Putah (Embah Damar Wulan) dijadikeun pamingpin (Kuwu) di desa Darma anu
kahiji, diparkirakeun tahun 1732 M. anjeuna ngarintis jeung mingpin Desa Darma
di Bantu ku para sesepuh laina, pikeun nyebarkeun Agama Islam di sakitar Desa
Darma, diantarana :
1. Embah
Marmagati nyebarkeun Islam di daerah Gunung Sirah
2. Embah
Ahmad Bin Huas nyebarkeun Agama Islam di daerah Kawah Manuk
3. Embah
Raja Barong nyebarkeun agama Islam di daerah Cipasung
4. Syeh
Ibrohim nyebarkeun agama Islam di daerah Paninggaran
5. Embah
Satori nyebarkeun agama Islam di daerah Cageur
6. Syeh
Ahmad Aruman (Rama Kopeng) nyebarkeun
Agama Islam di daerah Bakom.
Sairing
muterna waktu eta Syeh Datuk Kali Putah wafat, baliau di makamkeun di daerah
Pakuwon, salajengna pamarintahan Desa Darma diteruskeun ku Kiai Haji Muhammad
Yusuf Syafei, (diperkirakeun tahun 1782-1822 M) saparantos eta para wali / Syeh
mulai ngurangan (wafat), sahingga KH. Muhammad Yusuf Syafei ngundang KH.
Muhammad Tohiri di daerah Cigugur Kuningan, supados tinggal jeung neutep di
desa Darma pikeun neruskeun pasanteren Darmaloka paninggaran Syeh Haji Rama
Irengan, pikeun nyebarkeun Agama Islam. Sasuai jeung ramalan saurang aulia anu
ti Indramayu, bahwa di Darmaloka engke Agama Islam erek berkembang pesat
saentos kadatangan ulama ti arah timur laut Desa Darma, maka kabuktian
saparantos KH. Muhammad Tohiri ka Desa Darma, Agama Islam terus berkembang/maju,
sampe Darma katelah “ Kota Santri” sampe ayeuna.
ieu sajarah anu ngawur
BalasHapus